Kumpulan pantun atau sisindiran bahasa sunda

Kumpulan pantun atau sisindiran bahasa sunda

hayu urang bareng ngecrik
ulah poho mawa emberna
kunaong mang ceurik
hayang nyusu ka nini na

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
cai ngeclak ninggang momo*
laun-laun jadi orok

Colenak dikalapaan
Aya anak euweuh bapaan

Salawe dua puluh lima
Mobil Sedan Cetna Hejo
Awewe jaman ayeuna
Bisa dandan teu bisa ngejo

Saninten buah saninten

Dibawa ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Pileuleuyan cangkang beas
Huut sajeroning kejo
Pileuleuyan urang ikhlas
Imut sajeroning nenjo



Samping kebat dilelepe
samping poleng digulung deui
kuring lepat nya mepende
sing horeng indung si nyai

Papatong euntrep na rega
di cepret ku karet geulang
montong deukeut kanu egang
bisi didempet teu bisa hudang

Rincik rincang rincik rincang
saladah gede beungketna
sidik pisan sidik pisan
nyi randa ageng ....

Tikukur mawa-an heucak
Mawa deui mawa deui
…….r datang ka pecak
Rangda deui rangda deui

Tat tit tut daun sampeu
saha nu hitut saha nu ngambeu
dibawa ka saung butut
datang-datang pakdurudut

Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang

Jalan-jalan ka cianjur
nijek batu ngajelegur
hanas kuring meuli bajigur
diambuan bau bujur

hayang nyatu euweuh kejo
beasna di panggilingan
boga minantu rada gelo
mitohana di tampilingan

kini kini kuang kuang
geutok geutok peupeundeyan
nini nini keur mendeyang
di bekok peperedeyan

Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu botol

Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun

Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana

Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh

kacibogo kacibadak
meuli ragi di bendunagan
ulah bobogohan jeng budak
mahugi pepeulendungan

jalan2 ka kang apip
lila2 pasti kesel
lamun ningal smp yapip
pastina moal nyesel

lelempangan meuli timun
meulina ka kang apip
dari pada urang ngalamun
mendingan k smp yapip

Meuli piring di Mang Ohan
Mayarna make duit rebuan
Mun Silaing keur bobogohan
Eta leungun ulah kakarayapan

ka bandung tuluy k bogor
ka cianjur meli bonteng
ka siksa bga kabogoh
sungutna bau sepiteng

ci karacak ninggang batu
laun-laun jadi dekoq
sirah botak katinggang batu
nya eta …. bletok

obat nyamuk
katiup angin
kuring ngamuk
menta kawin

sugan teh kaliki dangdeur
boro abdi gancang ngadek
sugan teh lalaki bager
boro abdi gancang daek

kaduhung ngadu kaleci
meuli leupet di cabean
kaduhung boga salaki
liang…….ngagedean

di keubon aya nu mancing
urangna teu acan di acukan
lamun urang eukeur geuring
geura – geura di ubaran

Meuli jagong keur japati
Eta jagong di awurkeun
Eta beungeut jiga peti
Anu erek di kuburkeun

Aya mobil warna silver
Mobilna keur ngala pare
Lamun maneh hayang pinter
Ulah loba teuing sare

lamun maneh boga keris
sok paehan lauk hiu
lamun maneh bisa basa inggris
sok naon artina I LOVE YOU

kajeun jeungjing sisi rawa
asal ka ci apus jana
kajeun teu jingjing teu bawa
asal nu dibungkus kucana

kaleuweung bade melak tomat
disarengngan ku sobat
eweuh obat nu mujarab
iwal ti solat

salawe duapuluh lima
mobil sedan cetna hejo
awewe jaman ayeuna
bisa dangdan teu bisa ngejo

anu matak anu mawi
hulu botak ka tinggang awi

tataksiran-tataksiran
hulubotak di sisiran


"Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana"

caang na k pabrik kina..
pabrik kina nu tkg ngerok..
emg mneh na teu d calana..
tp make under rock..

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok

di jero guha loba lalay..
lalay na beuki aww..
hayo tuch gera mulay..
entong ngarobrol wae..

Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kanu kumisan
si nona kalahka jebleh

salawe dua lima
mobil sedan cetna hejo
awewe jaman ayeuna
bisa dangdan teu bisa ngejo

kamana jalan ka tegalega
tuh kaditu ka palih wetan
kamana jalan ka surga
tuh kaitu ka pangaosan

bujur katel meni hideung
meuli beas ngan sabakul
si fajar kulitna hideung
nu bodas huntuna wungkul

meuli kantong anu hideung
mani sae katingalna
bae teuing urang hideung

nu penting alus ahlakna

ayeuna usum paceuklik
ngan osok ka selang hujan
si fachrul awakna leutik
siga tuyul di pancoran

pekalongan kota batik
alusna ka bina-bina
bae teuing urang leutik
nu penting pinter otakna

0 komentar:

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...