Drama bahasa sunda, judul panceug dina galur

 Panceg Dina Galur

Hiji waktu dikampung cibaduyut,dina waktu isuk-isuk mang Sumardi keur ngobrol jeung bi Esih pamajikanana.
Esih                        :   aeh aeh itu si akang gawe teh ngan ukur hulang jentul we siga nu hoyongnyandung.
Sumardi               : naon atuh?
Esih                        :  naon..naon..eta akang kernaon mun ceuk uing  mah daripada ngahuleung ditepas                                                                                                 
                 Meningge neangan gawe,tuh beas ges beak,naha daek dahar oyek?
Sumardi : eummmm..kieu w nyi daripada neangan gawehese cape ayyeunamah urang indit –
                   We ka imah eumajeung abah pan kitumanurang bisa hirup gretangan.
Esih        : ari akang kadon rek nyusahkeun kolot?
Sumardi: lain kitu nyai pan bisa beberes diimah abah jeung pakarangan imah abah pan lega
                 Jadi ku akang bisa digarap tambah beas gratis.
Esih        : ah lieur rumah tangga jeung si akang mah ayeunamah kumaha akang weh.
Ges ngalobrol,,,tuluy duanana ngincid ka imah abah bari rebo kubabawaan ,dijalan maranehna panggih jeng si Daday.
Daday    : rek kamana kang?
Sumardi: ieu rek pindah ka kota soalna kuring meunang pagawean diditu.
Daday   : oh nya sukur atuh kiang ari kitumah ngan kade mun ges sukses tong poho ka lembur!
Sumardi: nya tangtu moal atuh, ke lamun urang ges sukses rek nyieun masjid anu pang badagna di
                 Lembur ieu ges hela tuh nyah.
Daday   : enya sok sing salamet dijalan..
Terus kang sumardi neruskeunperjalanan ,teu lilamaranehna ningali aki-aki jeng nini-nini mawa babawaan meni rebo, geus deukeut katinggali yen eta teh ema jeung abah.
Sumardi: walah walah nyai, itu si abah.
Esih        : enya kang naha rek kamarananya?
Sumardi: abah bade kamana? Meni seueur cacandakan nana
Abah      : ieu abah teh rek ka iamah maneh, abah geus teu boga beas, tuluy ngajual imah ,duitna pak
                 Pake meuli beas,sesana dpake ngontrak imah,ayeuna duitna ge4s beak,jadi abah rek ngilu
                Kamaneh.
Esih jeung sumardi saukur silih teuteup.
Sumardi : hayu bah uih
Abah       : ari manehrek kamana meni rebo?
Sumardi: tadinamah rek tamasya bah,
Abah      : o.....
Sateupina diimah sumarfdi saukur ngahuleungmikiran kabingung anu teu manggih tung-tung.
Esih        : kang...
Sumardi: naon nyi?
Esih        : lamun ceuk uingmah akang teh mening indit ka kota neangasn pagawean.komo ayeuna ges    
                 Aya ema jeng abah.
Sumardi: naha akang teh kudu ka jakarta.
Esih        : jauh teuing atuh ka jakartamah ,kadinya weh ka garut kota.
Sumardi: heu’euh atuh isuk akang indit ka kota,rek ka si ewon rek pangmantuankeun neangan gawe.
Ka isukananna sumardi indit ka kota bari teu nyaho nu kumaha rupana kota dijalan ,sumardi ngandeulkeun tunya tanya sangkan bisa nepi ka kota.
Tukang ojeg: ojeg kang?
Sumardi: lain urang mah jelema.
Tukang ojeg: maksud teh akang rek naek ojeg moal.
Sumardi: oooh..ieu teh ojeg sugan urang mah motor,mang ojeg arika kota nu ngunah kana naonnya?
Tukang ojeg: oooo rek ka kota.
Sumardi: heu’euh rek ka kota.
Tukang ojeg; naek elep,lamun ti dieu mah warnana koneng
Sumardi: ke hela tong waka warna koneng ,bejaan heula uiong ari elep teh naon?
Tukang ojeg : elep teh kendaraan badag
Sumardi : oh kandaraan badag warna koneng kkitu?
Tukang ijeg : heueuh bener pisan lah
Sumardi : nya hatur nuhun atuh mang.
Tuluy sumardi indit rek neangan kendaraan warna koneng, ari panggih jeung setum.
Sumardi : elep..elep..kadieu yeuh urang rek kakota
Supir setum : ieu mah setum lain elep
Sumardi : eh hayang di dodet sia ku aing, ceuk aing elep elep, siit siah ku aing
Terus sumardi indit ka kota bari naek setum, geus sapoe jeput d perjalanan akhirna sumardi nepi d kota.
Sumardi : uuuhh nepi oge ning ka kota, aing mah dari pada naek elep mending leumpang, tereh keneh leumpang aing, sapoe jeput naek elep jadi lapar eung,,, ke ke ke aya budak tuh, jang kadieu jang.
Budak : naon knu ngeang?
Sumardi : lamun dahar di kota nu ngeunah jeung naon nya?
Budak : jeung soto kang.
Sumardi : nu kumaha soto teh?
Budak : soto teh dagangan anu d tanggung
Sumardi : oh heueuh jig indit, soto...soto,, kadieu
Tukang bajigur : ieu mah bajigur lain soto
Sumardi : eeh ceuk aing soto soto, cing kadieu aing menta saeutik... rek di campurkeun kana sangu aing..anjirrrr teungeunah gening,, jig indit siah!
Tukang bajigur tuluy indit, sumardi neruskeun leumpang bari kukulutus
Sumardi : gelo, gening sangu campur soto teh teu ngeunahh, kurang ajar aing ditipu ku budak, lah lah lah tuluy rek kamana yeuh aing, nah tuh aya eneng eneng, naros ah. Neng neng?
Penjaga toko :aya naon kang?
Sumardi : ari alamat ieu di palih mana nya?
Penjaga toko :oh kieu kang, ti dieu lurus, aya pertigaan belok kanan, lurus, belok kiri, lurus puter balik, lurus dai puter balik dai, nah dugi weh
Sumardi : wah? Jauh atuh neng
Penjaga toko : ah gampang kang tinggal naek taksi weh
Sumardi :naon neng tarasi? Da di lembur akang mah tarasi teh paranti jambel, naha ari di kota mah di tumpakan
Penjaga toko : taksi kang lain tarasi
Sumardi : ah si neng mah ngalilieur, nu kumaha neng tarasi teh?
Penjagaa toko: haduh jangar oge... nahh tuh naek itu kang
Sumardi : oh nu kitu tarasi teh, nya hatur nuhun atuh neng, kang supir tarasi yeuh ka alamat ieu...
Biur sumardi indit ka imah si ewon, tuluy di pang neangankeun gawe ku si ewon nepika bisa ngirim ka kelurganaa di lembur

0 komentar:

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...