Resensi novel bahasa sunda, Si Kabayan jadi dukun

RESENSI NOVEL SIKABAYAN JADI DUKUN

Jejer: Sikabayan Jadi Dukun
Panulis: Moh. Ambri
Pamedal: PT. Kiblat Buku Utama
Citakan: ka-4
Kandel Buku: 71
Kakurangan:  Bahasana anu loma seueur.
Kalewihan: Ngajarkeun ka urang Sunda pikeun kudu pisan jadi jalma jujur teh.


Sinopsis:   
Aya hiji kaluwarga nu eusina Kabayan jeung pamajikanna. Kasaharian sikabayan sapopoe teh ngedul sarta nyiksa pamajikanna. Tatanggana teh hayang ngabantuan sikabayan tapi nya sipamajikannana teh nolak da ari kusalaki sorangan mah teu nanaon cenah.  Tapi dina jero hatena mah ambek we sipamajikanna teh. Hiji waktu sikabayan teh teh ngala suluh ka leuweung. Terus aya saudagar anu neangan dukun pikeun ngubaran putrana anu pireu, ngaranna teh Nyi Hasanah. Tapi sabenerna mah Nyi Hasanah teh teu pireu tapi Nyi Hasanah teh  teu narima ka bapana yen dek dikawinkeun jeung Haji Latip, padahal Nyi Hasanah teh boga nudipikabogoh nyaeta jang Agus. Tah nyaho kitu pamajikan sikabayan teh nyebutkeun yen dileuweung aya dukun anu neangan suluh,  tapi sidukun teh teu daek ngaku manehna dukun mun manehna teu ditonjokan heula. Langsung we sisaudagar jeung pangawalna indit weh ka leuweung. Panggih weh sikabayan jeung saudagar sarta pangawalna. Habek-habek we etamah sikabayan ditengelan. Sisaudagar nanya “Silaing dukun lain?”. “Lain kuring mah lain dukun”, jawab sikabayan. “Ngaku sih! Mun teungaku, silaing ditonjok deui ku pangawal aing!”, si saudagar ngotot. “Heeh atuh kuring dukun”, jawab si kabayan kapaksa. Dipanggihkeun weh sikabayan jeng Nyi Hasanah. Nya moal matih atuh da Nyi Hasanahna ge henteu pireu nyaan. Balik weh sikabayan, ke dongkap deui. Si jang Agus apaleun, langsung we si jang Agus menta manehna hayang jadi pangiring siembah dukun jeung bakal mere warisan ti uwana. Nya daek weh atuh ari sikabayan mah moal mungkin nolak ari meunang kauntungan mah. Geus kitu si Kabayan ngamprak ka imah saudagar jang ngubaran Nyi Hasanah. Paamprok weh Agus jeung Nyi Hasanah, teu sakara-kara Nyi Hasanah bisa ngoong deui, ngan orokaya terus dibawa kabur ku Agus. Atuh puguh guyur. Kumaha tah kalanjutanna? Sok urang baca dugika tamat ngarah panasaran jeung bisa ngahirupkeun budaya Sunda.

0 komentar:

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...