Carpon bahasa sunda, balada tukang nyuling

Poe nu sakitu panasna teu ngorotan sumanget manehna. Katingali ti tukang manehna terus ngudag-ngudag bus kota bari nyekel suling di lengen katuhuna. Manehna teu sadar tukangeun manehna motor saliweuran tereh ngadupak manehna. Eta bus terus diudag sanajan manehna geus ngarasa cape.

“Kiri-kiri” rombongan barudak SMA turun di Jl. Soekarno-Hatta 596, eta bus kota lumayan lila eurenna lantaran loba pisan anu turunna. Akhirna manehna bisa numpak oge eta bus kota. Sanajan awakna cape manehna teu paduli, manehna luak-lieuk bari ngumpulkeun tanaga jeung ngatur napasna anu gancang.

“Euh maneh deui…..”

“Aya saha kitu, Din? Si Ariel deui nya?” ceuk supir bus kota.

“Heueuh….Sep, si Ariel datang deui,” ceuk kondektur bus kota.

“Riel, iraha rek rekaman deui? He..he, lamun rek nyanyi tong bari ngemut permen bisi kaseglom,”  ceuk si Udin kondektur bus.
Si Ariel masih ngarasa cape, manehna ngan saukur bisa seuri ka supir jeung kondektur bus. Teuing kunaon manehna disebut Ariel padahal teu mirip-mirip acan jeung si Ariel vokalis Peterpan. Saacan ngamen manehna ngahuleung, teuing naon nu aya dina pikiran si Ariel.

Awakna nu subur jeung bajuna nu alus ngabedakeun si Ariel jeung tukang ngamen nu sejen. Ngan pedah bajuna nu alus geus kummel jigana mah geus teu diganti tilu minggu.

“Accala mu a’lai um” (assalamua’laikum).

“Riel… maneh mah ngomong ge teu bentes komo deui nyanyi,” kondektur nyarita di lawang panto bus.

Si Ariel ngan saukur nyerengeh nembongkeun huntu taringna.
Lain sakali dua kali manehna dikitukeun ku kondektur bus kota, geus kaitung lima kali manehna dikitukeun ku si Udin. Sanajan kitu manehna teu kapok ngamen di bus kota, ngan tetep aya rasa kesel ku omongan si Udin nu teu merenah didenge. Beda jeung si Udin, Asep si supir bus kota tara loba omong.

Manehna mulai maenkeun sulingna, sora suling nu merdu nganterkeun bus kota nambahan panumpang. Sapanjang jalan bus kota nambahan panumpangna.

“Kalapa….kalapa. Punten digeser…punten, palih dieu Neng…punten digeser ” kondektur ngatur posisi.

Sanajan bus geus pinuh ku panumpang si Ariel teu euren maenkeun sulingna. Tina sora sulingna mah lagu “jang” nu dilantunkeun ku panyanyi sunda Oon. B. sora sulingna maturan pinuhna panumpang bus, aya nu nangtung aya oge nu diuk, aya oge gandeng ngobrol sewang-sewangan. Aya oge anu nundutan dipepende ku sora suling.

“Nyang cing nya’ji nyalma e’de nying nya’di nyalma ngade…..” (jang sing jadi jalma gede sing jadi jalma hade….) si Ariel mimiti nyanyi.
Hanjakal pisan sora suling anu merdu teu dibarengan ku sora nu alus. Sanajan kitu manehna teu euren nembangkeun lagu “jang” nu dilantunkeun ku Oon. B. Lila kalilaan bus kota nambah pinuh, sora suling nu ditiup ku si Ariel beki tilelep komo deui sorana nu teu bentes.

Lagu “jang” geus beres dilantunkeun,lantaran panumpang geus pasedek-sedek manehna teu nyanyi deui. Si Ariel ngodok sakuna, dikaluarkeun dina sakuna cangkang permen jang ngawadahan duit pamere panumpang. Pinuhna panumpang matak hese si Ariel ngalengkah sanajan kitu manehna teu patah sumanget. Si Ariel seseledek bari ngasong-ngasongkeun cangkang permen. Aya nu mere saratus, lima ratus, nepi ka sarebu.

“Hanyur mu’un” (hatur nuhun) ceuk si Ariel ka panumpang nu mere.

“Cecep??” tunjuk salah sahiji panumpang.

“Cep, hayu uih… hampura Ema jang.”

“Anyim, Ema cos u’sir Cecep” (alim, Ema tos ngusir Cecep).

“Hampura…hampura Ema, hayu uih jeung Ema.”

“Anyim, Ema so’ nga’inga Cecep, Cecep e’uri ha’e ku Ema. Cecep anyim u’ih….” (alim, Ema sok ngahina Cecep, Cecep nyeri hate ku Ema. Cecep alim uih…), ceuk si Cecep bari lumpat.

“Cecep…Cecep, tungguan Ema. Cucu Ema hayu urang uih, hampura Ema nya Cu…”

Ema lumpat nuturkeun si Cecep bari ceurik. Umurna nu sakitar geus 80-an euweh daya jang ngudagna. Ema ceurik balilihan, teu kawasa Ema nahan kasedih.

“Ema rumasa salah Cep, tilu minggu katukang Ema ngusir Cecep. Hampura Ema…” gogoakan Ema ceurik di jero bus.
Si Cecep teu malire, Cecep ngajleng turun tina bus kota. Cecep leuwih milih hirup di jalan daripada hirup jeung nini na.

0 komentar:

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...