Contoh makalah bahasa sunda

Contoh makalah bahasa sunda 

UNSUR-UNSUR SAJAK SUFI

PANGJAJAP

Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu karya ilmiah kanggo nuntaskeun pancen ti Bapa/Ibu Guru. Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka shahabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadayana. Amin …
Karya ilmiah ieu di judulan ku ANALISIS UNSUR-UNSUR SAJAK ANU AYA DINA SAJAK SUFI . Panyajian anu aya dina karya ilmiah ieu nyaeta unsur-unsur sajak anu aya dina sajak sufi, anu tujuanna pikeun nyumponan pancen ti Guru Basa Sunda. Tujuan anu sejenna nyaeta pikeun ngembangkeun kanyaho urang kana karya sastra Indonesia khususna karya sastra sajak.
Saleres-leresna karya ilmiah ieu pasti wae aya kakiranganna anu teu di sadari ku simkuring saparakanca. Kumargi kitu simkuring saparakanca anu nyusun kana karya ilmiah ieu nyuhunkeun kritikan sareng saran ti Bapa/Ibu Guru mata pelajaran pikeun nyampurnakeun karya ilmiah ieu pikahareupeun.
Tungtung basa, simkuring saparakanca ngucapkeun hatur nuhun ka Bapa/Ibu Guru anu parantos ngabimbing simkuring saparakanca kana nyusunna ieu karya ilmiah. Oge simkuring saparakanca salaku anu nyusun ieu karya ilmiah ngaharepkeun supaya ieu karya ilmiah teh tiasa manfaat kanggo ngembangkeun katerampilan dina karya sastra Indonesia, sareng tiasa manfaat kanggo para siswa pikeun diajar sastra.
Bandung , Apil 2009
Panyusun

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang
Dina kahirupan sapo-poe urang sarerea pasti wae pernah nguping istilah sastra atawa karya sastra, prosa atawa sajak. Tina maca karya sastra, urang sarerea bakal manggihan harkat hirup. Tina basa lain, tina karya sastra aya ka manfaatan pikeun kahirupan. Karya sastra anu alus, biasana sok ngabogaan nilai (value). Nilai eta di wangen tina wujud wangenan karya sastra, anu sacara implicit sok aya dina galur, latar, tokoh, tema jeung amanat. Atawa dina larik, kuplet, rima jeung irama. Nilai anu di kandung tina karya sastra nyaeta : Nilai hedonik (Hedonic Value), nilai artistik (Artistic Value), nilai kultural (Cultural Value), nilai etis, moral, agama (Ethical, Moral, Religious Value) jeung nilai praktis (Practical Value).
Salah sahiji karya sastra Indonesia nyaeta sajak. Sajak teh nyaeta anu ngabogaan ciri mantra, rima, teu jeung rima, atawa kombinasi duanana. Katangtuanna, lamun di bandingkeun jeung sastra anu sejen nyaeta, dina basa-basana anu topang-manopang jeung hubungan tina harti.
Pamahaman jalma-jalma kana sajak bisa beda-beda. Ieu di sababkeun tergantung timana urang ngahartikeunna. Sajak mangrupakeun ekspresi jiwa atawa emosi panyair kana naon-naon masalah anu kapanggih dina ka hirupan. Jeung anu nyieuna kana sajak bisa saha wae heunteu kudu jalma-jalma anu palalinter. Tapi urang oge salaku jalma awam bisa nyieun oge lantaran satiap jalma ngabogaan imajinasi jeung pangalaman-pangalaman anu bisa di jadikeun atawa anu bisa di larapkeun kana sajak.
1.2 Watesan Masalah
Watesan masalah ieu dilakukeun supaya panalungtikan bisa luyu jeung tujuan anu di harepkeun. Watesan masalahna nyaeta: sakabeh anu ngenaan kana sajak sufi.
1.3 Maksud Jeung Tujuan
Maksud tina karya ilmiah ieu nya eta pikeun nganyahokeun sajak sufi.
Tujuanna tina nyieun karya ilmiah ieu nyaeta:
  •  Nganyahokeun salah sahiji karya sastra Indonesia anu tina jalur sajak sufi
  •  Nganyahokeun unsur-unsur sajak
  •  Bisa nambahan kana kanyaho tina karya sastra


BAB II
ULIKAN TIORI
2.1 Bahasan
Sajak sufi teh nyaeta salah sahiji karya sastra Indonesia. Sajak sufi bisa di hartikeun sajak anu di tulis ku panganut paham kana tasawuf, sajak anu ngandung kana nilai-nilai tasawuf, atawa sajak anu ngandung kana pangalaman tasawuf. Sajak sufi biasana ngebrehkeun rasa ka sono panyairna kanu nyiptakeunna (Allah), hakekat hubungan mahluk jeung sang Khalik, jeung sagala tingkah polah anu ka asup kana pangalaman kaagaman (religious).
2.2 Wangenan
Wangenan sajak sufi teu beda jauh jeung sajak-sajak anu sejena. Anu di wangen ku tema, makna/harti, rasa, irama/lagu, jeung amanat.
2.2.1 Tema
Tema nyaeta pokok pasualan anu bakal di jentrekeun tina wangen sajak. Tema eta bisa di kembangkeun ku cara nagtukeun hal-hal anu rek di jenterkeun tina sajak. Tema bisa oge disebut pokok pasualan pikeun pikeun panyair.
2.2.2 Makna /Harti
Makna nyaeta kata anu dipake dina sajak. Makna sajak aya anu disebut makna denotasi jeung aya anu disebut makna konotasi.


2.2.2.1 Makna Denotasi
Makna denotasi nyaeta makna dasar, leksikal, kamus, umum, netral, teu di campur nilai rasa, lain kiasan, atawa harti anu paling deukeut. Atawa disebut oge makna anu sabeuneurna.
2.2.2.2 Makna Konotasi
Makna konotasi nyaeta makna anu timbul tina akibat sikap sosial, sikap pribadi, jeung tina sikep tambahan, anu dikenakeun kana salah sahiji makna konseptual atawa disebut makna kiasan makna ditukangeun makna anu sabenerna.
2.2.3 Rasa
Rasa nyaeta sikep panyair kana pokok pasualan.
2.2.4 Irama/Lagu
Lagu nyaeta sikep panyair kana macana sajak.
2.2.5 Amanat
Amanat nyaeta salah sahiji perkara anu anu jadi tujuan panyair atawa efek anu tangtu anu di dambakeun ku panyair, oge disebut pesan atawa palajaran anu bisa di pelajari tina salah sahiji sajak.


BAB III
ANALISIS DATA
3.1 Conto Sajak Sufi
Karya: Abdul Hadi W.M
Gusti
Gusti,
Kuring jeung Anjeun deukeut pisan
Sakumaha seuneu jeung panas
Kuring teh panas tina seuneu Anjeun
Gusti,
Kuring jeung Anjeun deukeut pisan
Seperti kaen jeung kapas
Kuring kapas tina kaen Anjeun
3.2 Analisis
3.2.1 Tema
Tema sajak sufi di luhur nyaeta hakekat hubungan mahluk jeung sang Kholik. Lantaran panyair ngajentrekeun yen sakabeh jalma heunteu jauh jeung pangawasan anu nyiptakeunna (Alloh SWT).
3.2.2 Makna
Makna anu di kandung dina sajak sufi bisa disajikeun dina bentuk narasi ieu dihandap:
Sajak anu di karang ku Abdul Hadi W.M. eusina nyaeta “Yen saenya-enyana jalma-jalma teh heunteu jauh jeung Alloh SWT, tegesna mah jalma-jalma teh henteu bisa ngahindar tina pangawasan Allah SWT, lir di umpamakeun saperti seneu jeung panas, jeung lir ibarat kaen jeung kapas anu henteu bisa dipisahkeun.”
Dina narasi diluhur nandakeun makna anu dikandung dina sajak eta miboga makna denotasi jeung konotasi (campuran).
3.2.3 Rasa
Pangarang anu ngarang kana sajak sufi anu judulna “Gusti” , ngabogaan sikep yen anjeuna geus sono pisan ka Gusti Alloh SWT, jeung anjeuna rumasa yen dirina teu bisa jauh ti Allah SWT.
3.2.4 Irama/Lagu
Dina conto sajak sufi. Iramana bisa make lagu angger, lantaran tiap padalisan sajak sufi di luhur iramana sarua atawa angger nyaeta 2//2.
3.2.5 Amanat
Amanat anu di kandung dina sajak sufi “Gusti” anu bade di sampaikeun ku pangarang nyaeta: urang teh kudu sadar yen urang sarerea heunteu bisa jauh tina pangawasan Alloh SWT, heunteu bisa sabebas-bebasna hirup di dunya. Kumargi kitu urang kudu ngajaga sikep, tingkah laku urang, lantaran Alloh SWT bakal terus bakal aya wae ningali ka urang, ngawas ka urang dina keur ngalakonan naon bae.

BAB IV
PANUTUP
4.1 Kacindekan
Dina analisis data anu geus dilakukeun kana sajak sufi bisa dicindekkeun sababaraha hal nyaeta:
a. Sastra nyaeta karya tulis anu, lamun di bandingkeun jeung karya tulis anu sejena, miboga pirang-pirang ciri kaunggulan saperti kaorsinilan, kaartistikan, sarta kaendahan tina eusi jeung ungkapanna.
b. Sajak sufi teh nyaeta salah sahiji karya sastra Indonesia. Sajak sufi bisa di hartikeun sajak anu di tulis ku panganut paham kana tasawuf, sajak anu ngandung kana nilai-nilai tasawuf, atawa sajak anu ngandung kana pangalaman tasawuf. Sajak sufi biasana ngebrehkeun rasa ka sono panyairna kanu nyiptakeunna (Allah), hakekat hubungan mahluk jeung sang Khalik, jeung sagala tingkah polah anu ka asup kana pangalaman kaagamaan (religious).
c. Unsur-unsur sajak sufi teu beda jauh jeung sajak-sajak anu sejena nyaeta miboga tema, makna/harti, rasa, irama/lagu, jeung amanat.
4.2 Saran
Pikeun ngembangkeun kanyaho kana karya sastra khususna sajak anu leuwih ngembang, saena kedah ngalakukeun sababaraha kagiatan, diantarana:
a. Guru-guru anu ngajar kana bidang sastra di harepkeun supaya leuwih giat kana ngabimbing murid-muridna
b. Murid anu diajarna di harepkeun supaya diajarna bener-bener.
c. Supaya lebih di tingkatkeun kana kagiatan ngenalkeun sastra-sastra Indonesia
d. Murid supaya kudu di lobakeun kana latihan-latihan sastra.
e. Ngayakeun hiji pasanggiri anu ngenaan kana sastra supaya leuwih resep kana sastra-sastra Indonesia.

DAFTAR PUSTAKA


Anindyarini, Atikah. 2008. Bahasa Indonesia Kelas VII. Jakarta: Departemen
Pendidikan Nasional.
__________. 2008. Bahasa Indonesia Kelas IX. Jakarta: Departemen
Pendidikan Nasional.
Gumilar, Kankan.1996. Bahasa dan Sastra Indonesia. Ciparay:
Hakim, Lukmanul. 2004. Bahasa Indonesia. Bandung: Elisa Surya Dwitma.
Sugono, Dendi. 2003. Buku Praktis Bahasa Indonesia Jilid 1. Jakarta:
Departemen Pendidikan Nasional.
______. 2003. Buku Praktis Bahasa Indonesia Jilid 2. Jakarta: Departemen
Pendidikan Nasional.
Suryana, dkk. 2006. PILA Bahasa dan Sastra Indonesia.Bandung: Elisa Surya
Dwitama.
Wirajaya, Asep Yuda , dkk. 2008. Berbahasa dan Bersastra Indonesia. Jakarta:
Departemen Pendidikan Nasional.
Yogaswara, Yodi. 2006. Terampil Berbahasa dan Bersastra Indonesia Kelas 1
SMP/MTs. Jakarta: Nimas Multima.
_________. Yodi. 2006. Terampil Berbahasa dan Bersastra Indonesia Kelas 3
SMP/MTs. Jakarta: Nimas Multima.

0 komentar:

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...