carpon bahasa sunda singkat, Sangeuk

carpon bahasa sunda singkat, Sangeuk

Sora piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, karéta ngarieg, tuluy maju. Mimiti lalaunan, beuki lila ngagancangan. Yuswa ngarérét kana érloji. Tadi, barang mimiti indit, panceg tabuh genep isuk-isuk. Geuning lain ukur béja, enya wé ayeuna mah karéta téh tara ngarét. Mun taya halangan harungan, ku manéhna kaijir pidatangeun ka Jakarta téh kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal cukup, waktu keur nguruskeun urusan kantor. Jadi engké bakal bisa balik deui ka Bandung maké Parahiyangan anu berangkat jam lima soré ti Jakarta.

Sajajalan Yuswa anteng neuteup téténjoan saluareun kaca jandéla. Kagareuwahkeun sotéh pédah wé aya budak ngora nu diuk di bangku hareupeun noél kana pingping lalaunan.

“Punya api, pa?” cenah.

Sakedapan Yuswa nelek-nelek budak ngora téa. Pakulitanana beunang disebut  konar. Buukna modél punk-rock, pirang semu beureum. Duka bener asli duka pédah dicét. Ceulina dianting sabeulah. Papakéanana, ka luhurna kaos oblong hideung aya gambaran leungeun keur ngacungkeun jempol, curuk, jeung cinggir, bari jajangkung jeung jari manisna ditekuk. Sarérétan mah badis gambar tanduk banténg. Luhureun gambar leungeun téa aya tulisan Metalica ku warna beureum. Ari ka handapna,  dicalana blue jeans belél, soéh palebah tuurna. Tapi sok sanajan kacirina rada nyéntrik ogé ari rengkuh-rengkuhna mah éta budak ngora téh sopan pisan.

Kusiwel leungeun Yuswa ngaluarkeun zippo tina saku calana, tuluy diasongkeun bari dipangnyekéskeun. Si budak ngora téh ngarongkong nyeungeutkeun rokona, kelepus udud.
“Makasih, pa,” pokna
“Sama-sama,” walon Yuswa bari imut

Sugan téh rék ngan sakitu. Horéng si budak ngora téh kalah terus ngajak ngobrol.
“Mau ke Jakarta?” cenah.
“Iya.”
“Di Jakartanya di mana?”
“Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti soré juga pulang lagi.” Ti dinya mah der baé ngobrol ngalér ngidul. Malah mah nepi ka milu mangmikirankeun urusan nagara sagala, abong kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek mah kakara wéh silih tanya ngaran.

“Saya Yuswa,” ceuk Yuswa ngawalon panakon. “Sebetulnya nama yang bener sih Yoshua, tapi orang-orang lebih suka manggil saya Yuswa.”
“Saya Oding,” ceuk si budak ngora téh samemeh ditanya.”Itu kalo nama yang benernya. Kalo temen-temen sih lebih suka manggil saya meneer Odink van Holland.”
“Loh, émang meneer Oding punya darah Belanda?” ceuk Yuswa bari seuri.
“Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli,” témbalna.
“Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong téh ku basa Indonésia. Atuh da ari sugan téh…”
“Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang ngomong sih ngerti,” meneer Oding mani rikat némpas omongan bari nyéréngéh.
“Baruk, naha?”
“Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonésia melulu sih.”
“Bet éléh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa lain urang Sunda gé ayeuna mah geus asa jadi urang Sunda wé,” ceuk Yuswa rada mapanas. Gap kana roko jeung zippo, cekés diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka luhur mani nyerebung.
“Émang aslinya dari mana?” ceuk meneer Oding bari ngarérét kana gondok laki Yuswa nu oyag sabot nyerebungkeun haseup.

0 komentar:

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...