Esai bahasa sunda - parobahan ti jaman ka jaman
Lamun ningali kondisi nagara urang ayeuna, geus pinuh ku rupa-rupa ancaman, boh ancaman ti luar nagara pon kitu deui ancaman anu timbul ti jero nagara. Ancaman ti jero nagara nyaeta kiwari loba teror-teror bom ti pihak anu teu tanggung jawab, samodel di Bali, Jakarta, Ambon, jeung Sulawesi, pan nu jadi korban mah angger we rakyat nu teu boga dosa, padahal ieu teh dampak tina ketidakpuasan politik di nagara urang.
Ancaman anu datangna ti luar nagara nyaeta mangrupa teknologi anu ngabalukarkeun ruksakna lingkungan hidup, mangkaning sehatna kondisi raga manusa diantarana pangaruh lingkungan sekitar urang. Sabenerna mah alus pisan ku ayana teknologi teh, bisa ngabantu gawe manusa, tapi lamun teu dibarengan ku program-program lianna, misalna konservasi alam, pengolahan limbah anu terpadu, jste, eta teknologi teh jadi mangrupa hiji ancaman pikeun generasi kahareupna ku ayana polusi udara, polusi cai, polusi suara, jeung polusi taneuh.
Ancaman anu datangna ti luar nagara nyaeta mangrupa teknologi anu ngabalukarkeun ruksakna lingkungan hidup, mangkaning sehatna kondisi raga manusa diantarana pangaruh lingkungan sekitar urang. Sabenerna mah alus pisan ku ayana teknologi teh, bisa ngabantu gawe manusa, tapi lamun teu dibarengan ku program-program lianna, misalna konservasi alam, pengolahan limbah anu terpadu, jste, eta teknologi teh jadi mangrupa hiji ancaman pikeun generasi kahareupna ku ayana polusi udara, polusi cai, polusi suara, jeung polusi taneuh.
Contona deui kiwari parabot dapur geus loba diganti ku parabot anu serba elektronik misalna : kompor, aya kompor listrik, langseng, aya mejik kom atawa mejik jer, coet jeung mutu, aya blender, hihid, aya kipas angin, open paragi nyieun bolu, aya mikrowef, nyeuseuh anu biasana di walungan, ayeuna make mesin cuci, nginum cai tiis baheula mah tinggal nyicikeun tinu kendi, ayeuna geus diganti ku kulkas, nepi ka mencetan awak oge anu biasana nitah aki-aki, ayeuna mah aya alatna, tah eta alat-alat teh ngarah hurung tangtu kudu ngagunakeun listrik, sedengkeun sumber listrik di nagara urang teh kalintang kawates. Kiwari geus aya himbauwan ti pamarentah pikeun mareuman listrik dina waktu-waktu tertentu, malah di sababaraha wilayah ayeuna geus giliran dipareuman pikeun ngahemat energi listrik. Taya gorengna eta alat-alat teh lamun urang ngagunakeunana luyu jeung kaayaan atawa kondisi. Pangaruh nu lianna, nyaeta bisa nimbulkeun panyakit kusbab urang jadi kurang gerak, hayang naon-naon tinggal mencet.
Ancaman nu lianna nu datang ti luar nagara urang nyaeta ekspansi budaya-budaya barat, ti mimiti tingkah paripolah, bahasa, kasenian, pakean, kadaharan, oge milu ngaruksak ajen budaya urang anu sakitu luhurna. Contona tina pakean geus terkontaminasi ku mode-mode barat. Baheula mah ningali budak parawan teh make pakean kabaya tuluy buukna dikonde, ari ayeuna, ka ondangan oge geus jarang nu make kabaya ari lain nini-nini mah. Tong boro di kota, di pilemburan oge teu saeutik barudak ABG karesepna make baju anu nembongkeun aurat, majarkeun teh seksi cenah….. padahal eta teh bisa jadi inceran lalaki anu boga niat goreng …. der we diperkosa……. saha nu disalahkeun? naha budak awewena pedah make baju seksi?
da kuring mah yakin sanajan dibubuligir oge eta budak teh teu hayang diperkosa, da niatna mah hayang gaya. kitu deui nu merkosana,….. heueuh geus sidik salah geus merkosa, tapi pan aya sabab jeung akibat, da lalaki lamun ningali awewe make pakean sopan mah moal ujug-ujug kapikir hayang ngasaan.
Budaya mabok ge datangna ti luar,… der diturutan ku urang,…… ayeuna bisa dibandungan, teu saeutik pangaruh minuman keras jeung obat-obatan terlarang nu ngabalukarkeun kajahatan di nagara urang. Budak hayang mabok tapi teu boga duit,… derr maling motor, atawa hayang meuli narkotika nepi ka maehan indungna,…… pek bandungan dina buser atawa patroli berita-berita ngeunaan narkoba,….. ampir unggal poe aya beritana…. rek jadi naon bangsa urang kahareupna lamun para pamuda na teu bisa diandelkeun.
Lamun ningali dina TV, bangsa batur mah lalajo musik teh sok bari mabok,… luluncatan kaditu kadieu jiga nu teu eling,………… Tah ulah nepi ka diturutan nu kararitu na mah,… piraku rek lalajo kasenian di urang samodel cianjuran atawa jaipongan rek bari mabok jeung luluncatan teu puguh? pan teu pantes. Nu matak ti samet ayeuna mah hayu urang babarengan ngamumule jeung ngalestarikeun budaya jeung kasenian urang Sunda.
0 komentar:
Posting Komentar