Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Langkung tipayun, puja urang sanggakeun kanu maha kawasa, puji kanu maha suci, sukur ka Allah Anu Maha Ghofur. Numana manteuna parantos maparin Ni’mat ka urang sadaya, sahingga urang sadaya tiasa pateupung lawung paamprok jonghok dina ieu kaseumpeutan.
Sholawat sinareung salam mugia kakocorkeun ka panutan sadaya alam, anu parantos ngeumban tugas ti gusti Alloh pikeun nyandak pituduh Al-Qur’an sareung nyandak agama anu hak nyaeta kanjeung nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna, tabi’in tabi’atna, anu miconto tur nuladan kana tapak lacak manteuna ti kawit dugika ayeuna.
Anu dipihormat bapa kapala sakola, anu di piati Ibu miwah bapa Guru, oge anu di tungu-tungu rerencangan sadaya.
Ngadeugna sim kuring dina dangeut ayeuna, taya sanes seuja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang. Kitu oge bari jeung di gedeng kendang gede pakauman, dag-dig-dug rasana ati, rumasa simkuring mah taya kabisa, sanggeum paripaos tea mah etang-etang lauk buruk milu mijah. Boa catur ge nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeun.
Nanging sanaos suwung ku pangaweuruh suda ku pangabisa simkuring baris nyobi ngaguar tema ieu biantara anu unina ‘NGAJAGA KAENDAHAN LEUMBUR’
Tangtosna tatar pasundan anu endah taya duana di bareungan ngajadikeun urang buetah cicing didinya. Di leumbur matuh banjar karang pamidangan teumpat ngiuhan tina hujan, teumpat niis lamun beurang, reureuh ngampih lamun peuting, cai wahangan cur-cor tina sungapan maseuhan sawah, numuwuhkeun pare nu bisa kepeutik hasilna kaala buahna.
Tuh pan lamun tea mah lembur ku urang teuteup di jaga kaendahanna teu di ruksak ku leungeun sarakah nu matak jadi teu endah, cobi tingal di kota-kota tos seusah meundakan sawah, tos jarang aya pancuran. Tos dibangun mol pangbalanjaan anu meugah neupika teu meurhatikeun bahayana.
Mangpang meumpeung hirup di leumbur anu asri asih keneh, hayu urang jaga sing teuteup kieu rongkongna sora bangkong reangna sora jangkrik jeung recitna sora tonggeret mapag sareupna wanci kaburitnakeun.
Kaendahan tangtu lana mun jalma sadar, nyaah, jeung miara eunya-eunya, teu jorok ka leumbur sorangan, miceun runtah dina teumpatna, kai teu di tuar sangeunahna ahirna alam mere akibatna. Mangpang-meumpeung urang hirup ayeuna, yu urang jaga leumbur pamatuhan, nu endah taya papadana ku urang, keur urang, jeung anu urang.
Sakitu anu kapihatur, nanging sateuacana sim kuring gaduh sisindiran’
Ngalamun mubuy bakakak
Mawa dahan tina tulang
Mun leumbur tuluy di ruksak
Musibah datang, kaendahan oge ilang
Mung sakitu anu kapihatur, manawi bahan katampi. Hapunteun sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meuri. Ieumah mungguhing ka jurung ku identitas salaku nonoman sunda. Sasieureun sabeunyeureun mah ngiring nyumbang saran. Amit mungkur, hapunteun sakali deui boh bilih aya basa anu kirang meureunah sumarambah kana manah, sareung matak nyeuleukit kana ati.
Sabeulah di Banjar
Di remetkeun duanana
Pamugi Alloh ngaganjar
Nyalameutkeun sadayana.
0 komentar:
Posting Komentar