Kabudayaan Sunda
Budaya atawa kabudayaan asalna tina basa Sansekerta nya éta buddhayah, nu mangrupakeun wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa. Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kécap Latin “Colere’, nya éta ngolah atawa ngerjakeun. Bisa dihartikeun ogé salaku ngolah tanah atawa tatanén. Kécap culture ogé bisa dihartikeun salaku “kultur” dina basa Indonesia.
Kabudayaan didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi landasan dina tingkah-lakuna, ku kituna kabudayaan mangrupakeun sarangkaian aturan-aturan, pituduh-pituduh, rencana-rencana, jeung strategi-strategi nu ngawéngku sarangkaian model-model kognitif nu dipiboga ku manusa, jeung digunakeun sacara selektif Dina nyanghareupan lingkunganna sakumaha kawujudna dina tingkah-laku jeung tindakan-tindakanna.
Kabudayaan bisa didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi pituduh pikeun tingkah lakuna.
Hiji kabudayaan mangrupakeun kabogaan babarengan anggota dina masarakat atawa golongan sosial, nu sumebarna ka anggota-anggotanna jeung pewarisna ka generasi saterusna dilakukeun ngaliwatan proses belajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ka ucap boh henteu (ka asup ogé sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa). Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung proses diajar nu beda jeung lantaran lingkungan-lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.Sedengkeun Sunda nya éta istilah pikeun idéntitas hiji séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyaéta urang Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut kabudayaanana.
0 komentar:
Posting Komentar